Lewati ke konten

DONGENG SASAKALA REUNGIT DISADA KANA CEULI

REUNGIT DISADA KANA CEULI


  Jaman baheula aya hiji nagara reungit, anu diratuan ku reungit awéwé. Éta nagara pohara beungharna. Tentarana garagah, patihna satia.
Sang ratu kacida gindingna, pakéanana hurung hérang, maké geulang jeung suweng emas. Dina hiji peuting, keur jemplang jempling, aya jelema asup ka karaton ratu reungit téa. kabeneran tentara anu jaragana saraé mani talibra, atuh jongjon éta jelema asup ka kamar ratu. Kabeneran ratu ogé keur tibra deuih.  Karayap éta jelema ngadeukeutan sang ratu reungit., tuluy suweng nu dipaké ku sang ratu dicopot. Tapi kakara dicopot sabeulah, sang ratu kaburu hudang mantén, tuluy gogorowokan, ”Bangsaat! Bangsaat! Bangsaat! Bangsaat! Bangsaat! Bangsaat!”
    Éta jelema kaluar terus kabur mawa suweng sabeulah. Tentara anu jaraga téa tuluy ngarudag, tapi éta jalma teu kasusul.
Isukna sang ratu maréntah ka tentara jeung rahayatna, pokna, ”Sakabéh bangsa reungit kudu naréangan suweng anu dipaling téa, tempoan dina unggal ceuli jelema!”
    Ti harita, sakabéh reungit naréangan éta suweng. Nepi ka kiwari reungit-reungit téh masih kénéh naréangan éta suweng, nempoan kana ceuli jelema-jelema, bari disada, “Suengngng! Suengngng! Suengngng!.”
Sumber: Ki Umbara. 2006. Dongéng-Dongéng Sasakala.
Bandung: CV Geger Sunten.
Diberdayakan oleh Blogger.

Cari Blog Ini

Banner

Blogroll

BTemplates.com

Blogger templates

About

#Travel

#Travel
none

#Food

#Food
none

#Health

#Health
none

#Lifestyle

#Lifestyle
none

#Inspiration

#Inspiration
none

Labels

Blogroll

6/recent/slider

Blogger templates

Pages

Pages

Pages

Facebook

Pages

Most Popular

VIVO Y16 EMMC
TOOLS UNLOCK
REALME C11 2021 EMMC
Chat WhatsApp